Pindah kana eusi

Doa-Doa Awéwé Lolong Dijawab

Doa-Doa Awéwé Lolong Dijawab

 Yanmei, saurang Saksi di Asia, mantuan saurang awéwé lolong nu ngaranna Mingjie pikeun meuntas. a Mingjie ngomong, ”Nuhun nya. Mugia anjeun diberkahan ku Gusti!” Sanggeusna, Yanmei ngajak Mingjie papanggih deui pikeun ngabahas Alkitab. Mingjie nyarita manéhna téh geus ngadoa unggal poé supaya ditungtun ka umat Allah nu sajati. Ku naon manéhna nepi ka ngadoa kitu?

 Mingjie nyarita, dina taun 2008 manéhna diajak ku babaturanna nu lolong ogé keur datang ka garéja. Éta garéja resep mantuan jalma-jalma nu cacat. Sanggeus ngadéngékeun hutbah, manéhna nanya ka pandéta, nu tadi dicaritakeun téh asalna ti buku naon? Pandéta éta méré nyaho, éta téh asalna tina Alkitab, Firman Allah. Mingjie jadi hayang pisan maca buku éta. Manéhna meunangkeun Alkitab braille dina basa Mandarin. Ngan dina waktu genep bulan, manéhna geus maca 32 buku. Basa maca Alkitab, manéhna ngarti yén pangajaran Tritunggal nu diajarkeun di garéja nu didatangan ku manéhna téh salah. Terus, geuningan Allah téh boga ngaran, nyaéta Yéhuwa.

 Sakali waktu, Mingjie kuciwa sabab kalakuan para anggota garéja téh teu sajalan jeung naon nu dibaca ku manéhna tina Alkitab. Misalna, jalma-jalma meunang dahareun nu seger, ari nu lolong mah dibéré dahareun sésa. Mingjie nyeri haté lantaran dikitukeun, jadi manéhna néangan garéja séjén. Éta sababna Mingjie ngadoa ménta ditungtun ka umat Allah nu sajati.

 Mingjie kageuing lantaran Yanmei téh bageur pisan, jadi manéhna daék diajar Alkitab. Terus, Mingjie gé daék datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Abdi moal bakal poho kumaha rasana pas mimiti datang ka ditu. Kabéh mani bageur jeung soméah ka abdi. Mani kageuing pisan. Najan lolong, abdi bisa ngarasakeun maranéhna téh nyaah jeung teu pilih kasih.”

 Mingjie nyieun kamajuan jeung rutin datang ka acara ibadah. Nu paling dipikaresep ku manéhna téh ngawihkeun kawih Karajaan. Tapi, lantaran buku kawihna euweuh dina huruf braille, jadi manéhna héséeun ngawih. Ku bantuan dulur-dulur saiman, Mingjie nyieun buku kawihna sorangan. Butuh 22 jam keur narjamahkeun 151 kawih! Dina bulan April 2018, Mingjie mulai ngawartakeun warta hadé ka jalma-jalma. Unggal bulanna, Mingjie ngagunakeun 30 jam keur kagiatan éta.

Narjamahkeun buku kana huruf braille téh pagawéan nu ngabosenkeun

 Keur mantuan Mingjie pikeun dibaptis, Yanmei nyieun rekaman tina pananya-pananya jeung ayat-ayat Alkitab nu aya dina buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yehuwa. Dina bulan Juli 2018, Mingjie dibaptis. Ceuk manéhna, ”Dina kongrés, abdi kageuing pisan sabab dulur-dulur saiman nyaah ka abdi. Abdi nepi ka ceurik lantaran ahirna abdi bisa ngahiji jeung umat Allah nu sajati.” (Yoh. 13:34, 35) Mingjie gé hayang mikanyaah batur sakumaha manéhna dipikanyaah ku dulur-dulur saiman. Ayeuna, manéhna ngawartakeun warta hadé sapinuh waktu.

a Ngaran-ngaran geus diganti.