Pindah kana eusi

”Abdi Ngalakukeun Sakamampuh Abdi”

”Abdi Ngalakukeun Sakamampuh Abdi”

 Irma téh saurang Saksi Yéhuwa di Jerman, nu umurna geus téréh 90 taun. Lantaran geus dua kali kacilakaan jeung sababaraha kali dioperasi, manéhna teu bisa deui ngawawar ti imah ka imah siga baheula. Ayeuna Irma nyaritakeun imanna ka dulur-dulur jeung babaturanana liwat surat. Surat Irma téh nguatkeun jeung ngalilipur jalma nu narimana. Malah, maranéhna sok nelepon jeung nanyakeun ka Irma iraha bakal ngirim surat deui. Loba nu ngahaturkeun nuhun liwat surat sarta ménta disuratan deui. Ceuk Irma, ”Abdi bungah narima ieu kabéh, sarta abdi ogé jadi bisa terus ngawawar.”

 Irma gé sok ngirim surat ka panti jompo. Manéhna nyarita, ”Aya hiji awéwé sepuh nu geus dikantunkeun salakina, manéhna nelepon jeung ngomong yén surat abdi téh nguatkeun manéhna. Manéhna neundeun surat éta dina Alkitab jeung sok dibaca deui pas peuting. Aya awéwé séjénna deui nu salakina kakara maot. Manéhna ngomong yén surat abdi téh leuwih ngalilipur manéhna ti batan hutbah pendétana. Aya loba hal nu hayang ditanyakeun ku manéhna sarta manéhna gé hayang datang ka imah abdi.”

 Aya baturna Irma nu lain Saksi geus pindah ka tempat séjén. Jadi, manéhna ménta supaya Irma nyuratan manéhna. Irma nyaritakeun, ”Awéwé éta ngumpulkeun kabéh surat abdi. Sanggeus awéwé éta maot, budak awéwéna nelepon ka abdi. Manéhna ngomong yén surat-surat keur indungna geus dibaca ku manéhna. Jadi, manéhna ogé ménta supaya dikiriman surat nu nguatkeun.”

 Irma resep pisan kana palayananana. Manéhna gé ngomong, ”Abdi nyuhunkeun kakuatan ka Yéhuwa sangkan bisa terus ngawula ka Mantenna. Sanajan teu bisa deui ngawawar ti imah ka imah, abdi ngalakukeun sakamampuh abdi.”