Pindah kana eusi

Na Saksi Yéhuwa Nolak Vaksinasi?

Na Saksi Yéhuwa Nolak Vaksinasi?

 Henteu. Saksi-Saksi Yéhuwa mah henteu nolak vaksinasi. Keur urang mah, divaksin atawa henteu téh putusan pribadi. Tapi kalolobaan Saksi Yéhuwa mah milih divaksin.

 Urang hayang narima parawatan kaséhatan nu pangalusna. Urang ogé ngahargaan kamajuan di bidang médis pikeun ngurangan risiko panyakit sérius. Urang ngahargaan pisan upaya jeung pangorbanan nu geus dijieun ku para ahli kaséhatan, hususna waktu aya krisis kaséhatan.

 Saksi-Saksi Yéhuwa ngadukung pangaturan ti dines kaséhatan. Contona ti saprak ayana pandémi COVID-19, Saksi-Saksi Yéhuwa terus méré panginget di situs Internétna nu aya dina ratusan basa, supaya jalma-jalma nuturkeun arahan ti pamaréntah pikeun nuturkeun protokol kaséhatan. Misalna téh siga pentingna ngajaga jarak, nuturkeun aturan ngeunaan kumpul di tempat umum, karantina, rutin ngumbah leungeun, maké penutup wajah, jeung hal-hal séjénna nu dianjurkeun ku pamaréntah.​—Roma 13:1, 2.

 Salila mangtaun-taun, publikasi Saksi-Saksi Yéhuwa nandeskeun prinsip-prinsip ieu:

  •   Parawatan kaséhatan téh putusan pribadi.​—Galatia 6:5.

     ”[Majalah ieu] teu méré rékoméndasi hiji pangobatan, térapi, jeung parawatan kaséhatan. Tujuan majalah ieu mah ngan méré informasi hungkul. Nu maca bisa nangtukeun sorangan pilihanana.”​—Awake! 8 Pébruari 1987.

     ”Sadérék jeung barudak rék divaksin atawa henteu mah putusan pribadi.”​—Awake! 22 Agustus 1965.

  •   Urang néangan parawatan kaséhatan téh lantaran urang ngahargaan pisan kahirupan.​—Kisah 17:28.

     ”Para Saksi datang ka dokter jeung hayang narima parawatan médis lamun boga masalah kaséhatan. Urang ngahargaan pisan kahirupan, jadi urang upaya sabisa-bisana pikeun ngajagana ku cara nu asup akal sarta luyu jeung prinsip Kitab Suci.”​—The Watchtower 1 Juli 1975.

     ”Saksi-Saksi Yéhuwa resep narima pangobatan jeung parawatan kaséhatan. Maranéhna hayang tetep séhat jeung panjang umur. Malahan siga Lukas, saurang Kristen di abad kahiji, sababaraha Saksi Yéhuwa gé aya nu jadi dokter. . . . Saksi-Saksi Yéhuwa bener-bener ngahargaan upaya jeung pangorbanan ti nu nyadiakeun parawatan kaséhatan. Maranéhna oge ngahargaan pisan para dokter jeung ahli médis nu geus mantuan maranéhna cageur deui.”​—Menara Pengawal 1 Pébruari 2011.