Pindah kana eusi

Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngagunakeun Sumbangan?

Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngagunakeun Sumbangan?

 Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun sumbangan pikeun ngadukung kagiatan rohani jeung kagiatan kamanusaan nu dilakukeun ku organisasi urang. Kagiatan-kagiatan ieu jadi bagian tina tujuan utama Saksi-Saksi Yéhuwa dina ngabantu jalma-jalma jadi murid Yésus Kristus.—Mateus 28:19, 20.

 Saksi-Saksi Yéhuwa teu pernah ngagunakeun sumbangan pikeun kapentingan sorangan. Pandéta atawa kokolot urang teu dibayar. Saksi-Saksi Yéhuwa ogé teu dibayar pikeun nguarkeun warta hadé ti imah ka imah. Jalma-jalma nu ngalalayanan di kantor cabang jeung kantor pusat kaasup Badan Pingpinan ogé teu dibayar.

Conto Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa

  •   Penerbitan: Urang narjamahkeun, nyitak, ngirim, jeung ngabagikeun jutaan Alkitab jeung publikasi Kristen unggal taunna, kabéhanana téh haratis. Kitu ogé, situs Internét jw.org jeung aplikasi JW Library téh nyadiakeun publikasi haratis dina bentuk digital sarta euweuh iklan.

  •   Pangawangun jeung Parawatan: Urang ngawangun jeung ngarawat tempat-tempat ibadah di sakuliah dunya, tempat-tempat éta dipaké ku jamaah-jamaah urang pikeun ngumpul jeung muji Allah. Urang ogé ngawangun jeung ngarawat kantor-kantor cabang jeung kantor-kantor panarjamahan. Kalolobaan pagawéan ieu téh digawékeun ku para sukarélawan, ku kituna biayana gé jadi hémat.

  •   Administrasi: Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di kantor pusat, kantor-kantor cabang, jeung kantor-kantor panarjamah, ogé rohaniwan nu iinditan ka daérah-daérah, didukung ku sumbangan ti sakuliah dunya.

  •   Pangwawaran: Kagiatan nguarkeun warta hadé atawa ngajarkeun ”pangersa Allah” téh teu dibayar. (2 Korinta 2:17) Tapi, saperti urang Kristen di abad kahiji, aya rohaniwan nu dilatih jeung ditugaskeun pikeun ngabaktikeun kalolobaan waktuna keur ngawawar jeung ngajar. Maranéhna dibéré tempat panyicingan nu saderhana jeung kabutuhan dasar.—Pilipi 4:16, 17; 1 Timoteus 5:17, 18.

  •   Pangajaran: Kongrés-kongrés urang téh didukung ku sumbangan ogé. Salian ti éta, aya rekaman audio jeung vidéo nu dumasar kana Alkitab nu disadiakeun pikeun disetél dina kongrés. Urang ogé ngayakeun sakola pikeun ngalatih para kokolot jeung palayan sapinuh waktu supaya leuwih hadé dina ngajalankeun tugasna.

  •   Bantuan Kamanusaan: Urang nyadiakeun dahareun, cai, jeung tempat panyicingan keur jalma-jalma nu ngalaman musibat alam. Bantuan kamanusaan ieu téh teu ngan nulungan ”batur sakapercayaan” wungkul, tapi ogé jalma nu lain Saksi.—Galata 6:10.