Pindah kana eusi

Naha di Saksi-Saksi Yéhuwa Aya Awéwé nu Ngawarta?

Naha di Saksi-Saksi Yéhuwa Aya Awéwé nu Ngawarta?

 Enya. Sakabéh Saksi-Saksi Yéhuwa téh pawarta atawa rohaniwan, kaasup awéwé nu jumlahna jutaan. Ieu luyu jeung nubuat Alkitab, ”Para wanita ngembarkeun wartana.”—Jabur 68:12.

 Maranéhna nyonto tuladan para awéwé nu aya dina Alkitab. (Siloka 31:10-31) Sanajan para awéwé teu jadi pamingpin di sidang jamaah, maranéhna getol ngawartakeun Injil. Maranéhna ogé ngajarkeun prinsip-prinsip Alkitab ka budakna. (Siloka 1:8) Ku kekecapan jeung laku lampahna, maranéhna ngupayakeun pikeun méré pangaruh nu hadé.—Titus 2:3-5.