Pindah kana eusi

Ngabantu Tunarungu di Jambrut Khatulistiwa

Ngabantu Tunarungu di Jambrut Khatulistiwa

Di Indonesia atawa Jambrut Khatulistiwa, aya jutaan tunarungu. Saksi-Saksi Yéhuwa mantuan maranéhna liwat bahan bacaan jeung palajaran Alkitab dina Basa Isarat Indonesia. Upaya ieu gé diperhatikeun ku loba jalma.

Kongrés dina Basa Isarat

Taun 2016, Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun kongrés Basa Isarat Indonesia di Medan, Sumatra Utara. Saurang pajabat kaamanan daérah di ditu datang ka acara kongrés. Manéhna muji ku lantaran Saksi Yéhuwa nawarkeun program pendidikan sacara haratis. Manéhna tajub pisan ka acara kongrés, nepi ka milu nyanyi ku cara nuturkeun gerakan-gerakan dina basa isarat.

Manajer gedong nyebutkeun yén acara kongrés téh ”meni lancar jeung tartib.” Ceuk manéhna, ”Abdi hayang Saksi-Saksi Yéhuwa terus ngayakeun acara jiga kieu, ieu téh bisa ngabantu tunarungu.” Waktu nu boga gedong nyaho ieu téh acara keur tunarungu, ceuk éta manajer, ”Anjeunna hayang méré sumbangan keur Saksi Yéhuwa. Anjeunna nitah abdi nyadiakeun dahareun pikeun kabéh hadirin nu jumlahna 300 urang.”

Jalma-Jalma Ngahargaan Vidéo Basa Isarat

Saksi-Saksi Yéhuwa gé ngawawar ka jalma nu tunarungu. Para Saksi sok ngagunakeun vidéo dina Basa Isarat Indonesia pikeun ngabantu jalma-jalma boga kahirupan nu bagja.

”Kagiatan aranjeun pikeun ngabantu tunarungu téh hadé pisan,” ceuk Mahendra Teguh Priswanto, wakil ketua dewan perwakilan cabang Gerakan untuk Kesejahteraan Tuli Indonesia (Gerkatin) di kota Semarang, Jawa Tengah. ”Contona, vidéo Kulawarga Sadérék Bisa Bagja meni alus pisan. Mugia aranjeun terus ngalakukeun kagiatan ieu.”

Maranéhna ”Meni Bageur Pisan”

Yanti, saurang awéwé nu tunarungu, meni kageuing ningali usaha para Saksi. Ceuk manéhna, ”Biasana nu tunarungu téh diléléwé ku batur. Tapi ari Saksi Yéhuwa mah meni bageur pisan. Malah para Saksi nu lain tunarungu, daék diajar basa isarat. Maranéhna hayang ngabantu jalma-jalma nu tunarungu supaya kenal ka Nu Nyipta jeung boga sipat-sipat anu hadé. Abdi kageuing pisan ningali usaha maranéhna.”

Ka dieunakeun, Yanti jadi Saksi Yéhuwa. Ayeuna manéhna mantuan di tim panarjamah Basa Isarat Indonesia. Manéhna ngomong, ”Bahan-bahan nu ditarjamahkeun di dieu bisa ngabantu jalma-jalma ningkatkeun basa isaratna. Salian ti éta, bahan-bahan ieu gé bisa ngabantu jalma-jalma boga kahirupan nu bagja.”