Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bukti Arkéologi Nunjukkeun yén Raja Daud Bener-Bener Aya

Bukti Arkéologi Nunjukkeun yén Raja Daud Bener-Bener Aya

 Alkitab nunjukkeun yén Raja Daud ti Israil téh hirup dina abad 11 SM, jeung turunanana maréntah salila ratusan taun. Tapi, aya sababaraha kritikus nu nganggap yén Daud téh ngan saukur tokoh dongéng nu dijieun ka dieunakeun ku manusa. Naha enya Raja Daud téh ngan saukur tokoh dongéng?

 Dina taun 1993, saurang arkéolog nu ngaranna Avraham Biran jeung timna manggihan prasasti tina batu di Tel Dan di beulah kalér Israil. Dina prasasti éta, aya tulisan ngeunaan ”Kulawarga Karajaan Daud”. Tulisanana diukir ngagunakeun aksara Semitik kuno tina abad 9 SM. Prasasti ieu téh bagian tina monumén nu diwangun ku urang Aram pikeun ngagulkeun kaunggulanana ti bangsa Israil.

 Artikel dina Bible History Daily nyebutkeun, ’Aya nu teu percaya kana prasasti ”Kulawarga Karajaan Daud” . . . Tapi, kalolobaan sarjana Alkitab jeung arkéolog satuju yén prasasti Tel Dan téh bukti pangmimitina nu jelas-jelas nunjukkeun yén Raja Daud dina Alkitab téh bener-bener aya. Ieu téh salah sahiji bukti arkéolog ngeunaan Alkitab nu paling penting nu pernah diwartakeun dina majalah BAR [Biblical Archaeology Review].’