Mikha 5:1-15

  • Pangawasa nu kahébatanana nepi ka tungtung bumi (1-6)

    • Éta pangawasa datangna ti Bétléhém (2)

  • Turunan Yakub nu nyésa bakal kawas ciibun jeung kawas singa (7-9)

  • Éta nagri bakal dibersihan (10-15)

5  ”Hé penduduk kota nu keur diserang,Ayeuna maranéh ngabesétan awak sorangan.Urang geus dikepung ku musuh. Pipi hakim Israél ku maranéhna diteunggeul maké tongkat.   Hé Bétléhém Éfrata,Manéh téh kota pangleutikna di antara kota-kota* di Yéhuda.Ti manéh, bakal aya hiji jalma nu jadi pangawasa di Israél nu ngawakilan Kuring.Manéhna geus aya ti baheula, ti baheula pisan.   Allah bakal ninggalkeun umat-Na,Nepi ka awéwé nu rék ngajuru éta bérés ngajuru. Dulur-dulur lalaki éta pangawasa nu nyésa kénéh bakal marulang ka bangsa Israél.   Ku kakuatan ti Yéhuwa jeung ku kaagungan nami Yéhuwa Allahna,Éta pangawasa bakal ngadeg jeung ngangon rahayatna. Maranéhna bakal hirup aman.Kahébatan éta pangawasa bakal nepi ka tungtung-tungtung bumi.   Manéhna bakal mawa katengtreman. Lamun Asiria nyerang nagri urang jeung nincakan munara-munara nu dibénténgan,Urang bakal ngangkat tujuh pangangon, malah dalapan bangsawan* ti antara manusa, pikeun ngalawan Asiria.   Maranéhna bakal ngahukum* nagri Asiria ku pedangJeung nyerang jalma-jalma di gerbang asup nagri Nimrod. Waktu urang Asiria nyerang nagri urang jeung nincakan daérah urang,Éta pangawasa bakal nyalametkeun urang.   Turunan Yakub nu nyésa kénéh bakal aya di antara loba jalma,Kawas ciibun ti Yéhuwa,Kawas hujan nu nyébor pepelakan,Nu teu miharep ka manusaAtawa ngarep-ngarep ka putra-putra manusa.   Turunan Yakub nu nyésa kénéh bakal aya di antara bangsa-bangsa,Di antara loba jalma,Kawas singa di antara sato-sato liar nu aya di leuweung,Kawas singa ngora* di antara kumpulan domba.Lamun ngaliwat téh bakal ngarontok jeung nyasaak,Moal aya mamangsan nu bisa salamet.   Maranéh bakal nalukkeun musuh-musuh,Kabéh musuh bakal dimusnakeun.” 10  ”Dina poé éta,” saur Yéhuwa,”Kuring rék nyingkirkeun kuda-kuda maranéh jeung ngancurkeun karéta-karéta perang maranéh. 11  Kuring bakal ngancurkeun kota-kota di nagri maranéhJeung ngarugrugkeun kabéh bénténgna. 12  Kuring bakal nyingkirkeun élmu sihir nu dipaké ku maranéh.Moal aya deui tukang sihir nu nyésa di antara maranéh. 13  Kuring bakal ngancurkeun patung-patung ukiran jeung pilar-pilar berhala* maranéh.Maranéh moal sujud deui ka barang jieunan maranéh sorangan. 14  Tihang-tihang berhala* maranéh rék dirabut ku Kuring,Kota-kotana rék diancurkeun. 15  Bari ngabudalkeun amarah jeung murka,Kuring rék ngabales bangsa-bangsa nu teu taat ka Kuring.”

Catetan Tambihan

Atawa ”kulawarga-kulawarga”.
Atawa ”pamingpin”.
As. ”ngangon”.
Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Tingali Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.