Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Buku Habakuk

Pasal

1 2 3

Topik-Topik Utama

  • 1

    • Nabi Habakuk sasambat ménta tulung (1-4)

      • ”Nun Yéhuwa, dugi ka iraha?” (2)

      • ”Ku naon Gusti ngantep jalmi-jalmi nindes batur?” (3)

    • Urang Khaldéa digunakeun ku Allah pikeun ngalaksanakeun hukuman (5-11)

    • Nabi Habakuk ngadoa ka Yéhuwa (12-17)

      • ’Nun Allah abdi, Gusti moal tiasa maot’ (12)

      • ”Gusti téh murni pisan, moal tahan ningali jalmi ngalampahkeun nu jahat” (13)

  • 2

    • ’Abdi rék ngadago naon nu rék ditepikeun ku Anjeunna’ (1)

    • Yéhuwa ngajawab Habakuk (2-​20)

      • ’Dagoan baé éta titingalian sing yakin’ (3)

      • Nu bener tangtu bakal hirup ku karana kasatiaanana (4)

      • Lima cilaka keur urang Khaldéa (6-20)

        • Bumi bakal pinuh ku kanyaho ngeunaan Yéhuwa (14)

  • 3

    • Nabi Habakuk ngadoa supaya Yéhuwa nyalametkeun (1-19)

      • Yéhuwa bakal nyalametkeun jalma nu dilantik ku Anjeunna (13)

      • Gumbira ku karana Yéhuwa sanajan keur susah (17, 18)