Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Cara Sireum Tukang Kayu Mersihan Anténana

Cara Sireum Tukang Kayu Mersihan Anténana

 Serangga kudu tetep bersih supaya bisa hiber, nérékél, jeung ngarasakeun naon waé nu aya di sakurilingna. Lamun anténa serangga kotor, manéhna bakal hésé pikeun nangtukeun arah, komunikasi, sarta ngambeu bau. Ceuk panaliti sato Alexander Hackmann, ”Teu aya serangga nu kotor. Maranéhna boga cara pikeun mersihan dirina sorangan lamun lingkunganana kotor.”

 Perhatikeun: Hackmann jeung panaliti séjénna naliti carana salah sahiji spésiés sireum tukang kayu (Camponotus rufifemur) mersihan anténana. Hasil risétna nunjukkeun yén sireum mersihan anténana tina kokotor nu gedéna rupa-rupa, ku cara nikelkeun sukuna jadi siga capit. Sanggeusna, éta anténa dicapit ku sukuna, tuluy ditarik. Buuk nu leuwih kasar dina éta capit bakal nyingkirkeun kokotor nu gedé. Kokotor nu leuwih leutik disingkirkeun ku buuk-buuk leutik nu siga sisir. Jarak di antara buuk-buuk éta pas pisan jeung kandelna buuk dina anténa sireum. Kokotor nu pangleutikna, nu kandelna ngan 1/80 diaméter buuk manusa, disingkirkeun ku buuk nu kawas sikat nu lemes pisan.

 Tongton kumaha sireum tukang kayu mersihan anténana

 Hackmann jeung timna percaya yén cara sireum mersihan anténana bisa dilarapkeun dina industri. Contona, métode ieu alus lamun dipaké dina pabrik nu nyieun komponén mikroéléktronik jeung semikonduktor, lantaran lamun aya kokotor saeutik gé, éta bisa nyababkeun komponénna cacad.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha anténa sireum tukang kayu nu hébat ieu téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?