Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Lauk Rémora nu Bisa Napel

Lauk Rémora nu Bisa Napel

 Rémora téh salah sahiji jinis lauk nu bisa napel ka sato laut séjén. Tapi waktu ngaleupaskeun dirina, rémora teu ninggalkeun raheut. Para ahli panasaran kana kamampuh rémora ieu.

 Pék pikirkeun: Rémora bisa napel dina lauk pari, hiu, paus, kuya, jeung mahluk laut séjénna teu sual siga kumaha kulit, sisit, atawa cangkangna. Rémora ngadahar parasit jeung dahareun sésa ti sato nu ditumpakanana. Lantaran numpak ka sato nu leuwih gedé, rémora bisa iinditan bari teu kudu ngaluarkeun loba tanaga sarta teu hariwang bakal didahar ku sato séjén. Para ahli naliti bagian awak lauk rémora nu bisa napelkeun dirina kana sato séjén ku cara nu lembut, tapi tetep kuat.

 Rémora napel dina hiu paus

 Di luhur huluna, aya bagian awak paranti nyedot nu bentukna lonjong. Di sisi panyedot éta aya daging nu kandel tapi lembut, jadi pas nyedot bisa tetep pageuh. Di jero panyedotna, aya jéjéran tulang nu leutik jeung kaku. Cara kerjana siga katup. Waktu tulang-tulangna beuki kaku, tulangna ngagésék kana sato nu ditumpakan. Gabungan ti gerakan nyedot jeung ngagésék ieu nyieun rémora tetep pageuh napelna dina sato nu ditumpakan, sanajan satona ngojay gancang atawa ujug-ujug méngkol.

 Para ahli tajub pisan kana kamampuh rémora. Jadi, para ahli nyieun alat nu nyonto panyedot rémora. Hasilna, alat nu bentukna lonjong ieu bisa napel dina rupa-rupa barang. Waktu alatna dibetot, napelna beuki pageuh. Malah mah kakuatan napelna nepi ka rébuan kali beurat alatna!

 Téknologi nu nyonto panyedot rémora bisa digunakeun dina rupa-rupa hal. Misalna, napelkeun tanda ka sasatoan laut, dipaké keur risét di jero laut, jeung napelkeun lampu atawa alat-alat séjén keur bagian jembatan atawa kapal laut nu aya di jero cai.

 Kumaha ceuk Sadérék? Na panyedot rémora ieu hasil évolusi? Atawa ieu dirancang?