Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Jangjang Kukupu Kubis

Jangjang Kukupu Kubis

 Sangkan bisa ngapung, kukupu kudu moékeun heula otot-otot nu ngagerakkeun jangjangna. Tapi lamun keur ceudeum, kukupu kubis bisa leuwih gancang ngapungna ti batan kukupu séjén. Ku naon bisa kitu?

 Perhatikeun: Saacan ngapung, loba jinis kukupu moékeun jangjangna bari ditutup atawa dibébérkeun. Ari kukupu kubis mah ngabentuk jangjangna siga aksara V. Para ahli nyebutkeun, sangkan gancang panas, jangjang kukupu kudu dibuka ngabentuk aksara V, kira-kira 17 darajat tina jangjang nu nutup. Dina posisi siga kitu, énergi panonpoé bisa langsung nyerep kana otot-otot dina dadana nu ngagerakkeun jangjangna, ku kituna bisa gancang panas tuluy ngapung.

 Para ahli ti University of Exeter di Inggris ngayakeun panalungtikan pikeun nyieun panél surya nu bisa ngahasilkeun leuwih loba énergi ku cara niron posisi jangjang kukupu nu siga aksara V. Hasilna, tanaga nu dihasilkeun ningkat nepi ka ampir 50 persén.

 Para ahli ogé merhatikeun yén bagian luar jangjang kukupu éta bisa mantulkeun loba cahaya. Lantaran nyonto posisi jeung struktur jangjang kukupu ieu, para ahli bisa nyieun panél surya nu leuwih hampang sarta ngahasilkeun leuwih loba énergi. Propésor Richard ffrench-Constant, salah sahiji ahli nu milu dina panalungtikan éta, nyebutkeun yén kukupu kubis téh ”ahli dina ngumpulkeun énergi panonpoé”.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha jangjang kukupu kubis nu ngabentuk aksara V téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?