Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Manuk Ganét nu Jago Neuleum

Manuk Ganét nu Jago Neuleum

 Manuk ganét téh manuk laut nu gedé. Manéhna bisa nyemplung ka cai gancang pisan, nepi ka 190 kilométer per jam. Pas manuk ganét nabrak permukaan cai, kakuatan nubrukna bisa nepi ka leuwih ti 20 kali gaya gravitasi. Kumaha manuk ganét bisa ngalakukeunana mangkali-kali jeung tetep hirup?

 Perhatikeun: Persis saacan asup kana cai, manéhna narik jangjangna ka tukang. Bentuk awakna jadi siga panah. Manéhna ogé ngalindungan panonna ku selaput. Organ-organ di beuheung jeung dadana gé dipelendungkeun. Éta téh gunana siga airbag, atawa kantong udara, nu ngalindungan awakna waktu nubruk cai.

 Waktu manuk ganét nyemplung kana cai, pamatuk, hulu, jeung beuheungna jadi siga corong. Jadi, énergi nu dihasilkeun waktu nubruk cai téh ditahan ku kabéh otot beuheungna. Waktu geus asup kana cai, panonna gé bisa langsung ningali dina jero cai.

 Sakumaha jero manuk ganét bisa neuleum kana cai? Manuk ganét bisa neuleum nepi ka 11 méter. Tapi, manéhna bisa neuleum leuwih jero deui lamun ngojay maké jangjangna jeung sukuna nu boga selaput. Malah, aya manuk ganét nu bisa neuleum nepi ka leuwih ti 25 méter. Sanggeus neuleum, manuk ganét bisa naék deui ka luhur jeung langsung hiber.

 Tongton vidéo manuk ganét

 Para panaliti nyonto manuk ganét pikeun nyieun robot-robot nu bisa ngabantu tim SAR. Robot-robot ieu dirancang pikeun ngapung, neuleum ka cai, jeung ngapung deui. Tapi waktu diuji, aya robot nu ancur lantaran tarik teuing neunggar cai. Para panaliti sadar yén rancanganana ”teu saalus manuk ganét”.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha kamampuh manuk ganét pikeun neuleum téh hasil évolusi? Atawa ieu dirancang?