Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Létah Ucing

Létah Ucing

 Ucing piaraan téh boga kabiasaan pikeun ngarapihan buluna sorangan. Ucing kira-kira maké saparapat waktuna ngan keur ngarapihan bulu. Ucing bisa ngabersihan dirina sorangan lantaran boga létah nu luar biasa.

 Perhatikeun: Dina létah ucing, aya 290 papilla. Éta téh mangrupa cucuk-cucuk leutik nu bengkung jeung teuasna siga kuku urang. Waktu létahna asup kana sungut, éta papilla-papilla téh langsung nyokot ciduh. Jadi waktu ucing keur ngalétakan buluna, éta ciduh tina papilla-papilla bakal napel kana bulu jeung kulitna.

Gambar papilla nu digedéan

 Unggal poé, létah ucing bisa mawa 48 mililiter ciduh kana kulit jeung buluna. Dina ciduh ucing, aya enzim nu bisa ngancurkeun kotoran-kotoran dina buluna. Waktu ciduhna mulai garing, awak ucing jadi teu panas. Ieu téh penting, ku sabab ucing téh késangna saeutik.

 Lamun aya bulu nu kusut, papilla bisa asup kana bulu-bulu éta jeung ngabantu ngarapihkeun deui. Waktu papilla keuna kana kulit ucing, éta bisa ngabantu kulit ucing tetep séhat. Para ahli niru létah ucing pikeun nyieun sisir. Sisir ieu bisa dipaké keur ngarapihkeun bulu atawa buuk nu kusut, tapi teu perlu maké loba tanaga. Sisir ieu gé leuwih gampang dibersihanana. Para ahli gé nganggap rancangan létah ucing téh bisa diturutan keur néangan cara nu leuwih alus pikeun mersihan barang nu buluan jeung kusut. Rancangan ieu gé bisa diturutan pikeun ngoléskeun losion atawa ubar keur kulit nu buluan ku cara nu leuwih alus.

 Kumaha ceuk Sadérék? Na létah ucing téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?