Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Laleur Buah, si Tukang Hiber nu Ahéng

Laleur Buah, si Tukang Hiber nu Ahéng

 Naha Sadérék pernah nyobaan nepak laleur? Pasti hésé! Lantaran réaksina gancang pisan, laleur téh hésé ditéwakna.

 Para ilmuwan nalungtik salah sahiji jinis laleur, nyaéta laleur buah. Éta laleur hiberna bisa langsung méngkol ka sagala arah kawas jét tempur, malah ngan dina sepersekian detik. Propésor Michael Dickinson ngomong yén ti saprak megar gé, ”laleur téh geus jago hiber. Ieu téh sarua siga orok nu kakara borojol, terus diteundeun di korsi pilot jét tempur, tapi langsung nyaho carana ngajalankeun éta kapal.”

 Hasil rekaman para panaliti némbongkeun yén éta laleur ngiplik-ngiplikkeun jangjangna 200 kali per detik. Ku sakali kiplik waé, laleur bisa ngarobah arah hiberna pikeun nyingkahan bahaya.

 Sakumaha gancang réaksi laleur? Sanggeus ditaliti, réaksi laleur téh 50 kali leuwih gancang ti batan kiceupan panon manusa. Propésor Dickinson ngajelaskeun yén laleur téh hébat pisan lantaran ngan dina waktu nu singget, laleur bisa nyaho mun bahaya muncul sarta nyaho kudu hiber ka mana.

 Carana laleur ngalakukeun éta ngan ku uteukna nu leutik pisan masih jadi pananya nu can bisa dijawab ku para ilmuwan.

Laleur buah bisa lolos ti bahaya ku cara ngarobah arah hiberna ngan dina sepersekian detik

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha kamampuh hiber laleur téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?