Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Kulit Paus Pilot nu Bisa Tetep Bersih

Kulit Paus Pilot nu Bisa Tetep Bersih

 Siput teritip jeung mahluk laut séjénna osok narapel dina badan kapal. Ieu ngalantarankeun masalah gedé, misalna kapal jadi ngalaunan, bahan bakarna leuwih boros, jeung sababaraha taun sakali kapalna kudu dibersihan. Kumaha jalan kaluarna? Para ahli nyonto ti alam.

 Perhatikeun: Dumasar kana panalungtikan, kulit paus pilot sirip-panjang (Globicephala melas) bisa tetep bersih. Ku naon? Kulitna pinuh ku alur-alur nu leutik pisan, sakitu leutikna nepi ka larva siput teritip teu bisa napel. Di antara alur éta dieusian ku gél nu ngalantarankeun alga jeung baktéri teu daék napel di dinya. Paus ieu bakal ngaluarkeun gél nu anyar waktu ganti kulit.

 Para ahli nyonto cara ieu pikeun dipaké dina badan kapal. Baheula, kapal téh dilapis ku cét nu bisa ngalindungan badan kapal sangkan mahluk laut teu narapel. Tapi, anyar-anyar ieu, cét siga kieu téh geus dilarang lantaran ngaracunan kahirupan di laut. Sabagé jalan kaluarna, para ahli nyieun sababaraha lapisan dina badan kapal. Di lapisan nu kahiji, aya liang-liang nu bisa ngaluarkeun jat kimia nu aman lingkungan. Lapisan nu kaduana téh jaring logam. Waktu keuna ku cai laut, jat ieu jadi gél kentel siga kulit nu ngalapisan badan kapal. Lila-lila, lapisan ieu, nu kandelna 0,7 miliméter, bakal leupas bareng jeung mahluk laut nu narapel di dinya. Sanggeusna, kaluar deui lapisan gél nu anyar.

Siput teritip ngalantarankeun kapal jadi laun jeung hésé dipiceunna

 Tés dina laboratorium nunjukkeun yén cara ieu bisa ngurangan napelna siput teritip dina kapal nepi ka 100 kalieun. Éta tangtu kauntungan gedé keur pausahaan kapal lantaran ongkos mersihan kapal dina dok téh mahal pisan.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha paus pilot nu kulitna tetep bersih téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?