Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna

Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna

 Jeruk bali téh jeruk nu gedé jeung amis. Sanajan murag ti tangkalna nu jangkungna leuwih ti 10 méter, buahna moal ancur. Ku naon jeruk bali bisa sakitu kuatna?

 Perhatikeun: Para panaliti merhatikeun yén lapisan bodas dina kulit jeruk bali téh siga spon jeung rada kandel. Beuki deukeut kana buahna, bolong-bolong dina lapisan ieu beuki carang. Bolong-bolong ieu téh eusina cairan atawa udara. Waktu buahna neunggar taneuh, kulitna nu siga spon téh jadi kaku. Ku kituna buahna moal ancur, sabab kulitna ngalindungan buahna.

 Para ahli nyieun spon tina logam nu dirancang nyonto kulit jeruk bali. Maranéhna percaya yén rancangan ieu bisa digunakeun dina hélem motor, bagian kendaraan nu ngalindungan waktu ditubruk, jeung bagian nu ngalindungan stasion luar angkasa waktu aya météor nubruk.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha kulit jeruk bali téh hasil évolusi? Atawa ieu dirancang?