Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Rancangan Huntu Limpét

Rancangan Huntu Limpét

 Limpét téh siput laut nu boga cangkang kawas corong sarta boga huntu nu luar biasa kuat. Huntu éta téh tina serat-serat ipis nu rapet. Serat ieu bahanna téh mineral teuas nu disebut goethite. Huntu-huntu ieu disusun di luhureun organ nu lembék tina protéin.

 Perhatikeun: Limpét boga organ kawas létah nu ditutupan ku barisan huntu nu bengkung nu disebut radula. Unggal huntu téh panjangna kurang ti 1 miliméter, jeung fungsina mirip kikir. Unggal huntu kudu bener-bener kuat jeung teuas supaya bisa ngikis ganggang dina permukaan karang waktu limpét keur dahar.

 Para panaliti ngagunakeun mikroskop anu canggih pikeun ngukur sakumaha kuatna huntu limpét. Maranéhna jadi nyaho, ti antara sakabéh bahan nu pernah diuji, huntu limpét téh bahan nu pangkuatna, malahan leuwih kuat ti batan jaring laba-laba. Kapala panaliti ngomong, ”Urang sakuduna nyonto rancangan huntu limpét dina barang-barang jieunan urang.”

 Para panaliti yakin yén bahan tiruan tina huntu limpét bisa digunakeun pikeun nyieun mobil, parahu, pesawat, malahan bisa dipaké nyieun huntu palsu.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha huntu limpét nu luar biasa ieu téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?