Pindah kana eusi

Saha Nabi Daniél téh?

Saha Nabi Daniél téh?

Jawaban Alkitab

 Daniél téh urang Yahudi anu hirup kurang leuwih 600 taun saacan jamanna Isa Al-Masih. Allah nugaskeun manéhna jadi saurang nabi. Manéhna dibéré kasanggupan pikeun nerangkeun harti impian. Daniél gé dibéré titingalian ngeunaan mangsa ka hareup sarta dibéré ilham pikeun nulis salah sahiji buku dina Alkitab, nyaéta buku Daniél, sarua jiga ngaranna.​—Daniel 1:17; 2:19.

Saha Daniél téh?

 Daniél téh digedékeun di Yéhuda. Kota Yérusalém jeung bait urang Yahudi kaasup dina wilayah kakawasaan karajaan Yéhuda. Dina taun 617 SM, Nébukadnésar raja Babilon téh ngepung Yérusalém jeung mawa jalma-jalma nu kahormat pikeun jadi tawanan di Babilon. (2 Raja 24:15; Daniel 1:1) Daniél, nu basa éta rumaja kénéh, dibawa ogé.

 Daniél sarta sababaraha budak ngora séjénna (kaasup Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo) dibawa ka istana Babilon jeung dilatih sacara husus pikeun jadi pajabat istana. Di ditu, Daniél jeung tilu babaturanana dipaksa pikeun ngalakukeun hal-hal anu salah, tapi maranéhna tetep satia ka Allah Yéhuwa. (Daniel 1:3-8) Sanggeus maranéhna dilatih salila tilu taun, Raja Nébukadnésar muji yén kabijaksanaan jeung katarampilan maranéhna téh ”sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan”. Daniél jeung babaturanana dilantik jadi pajabat istana.​—Daniel 1:18-20.

 Mangpuluh-puluh taun sanggeusna, waktu Daniél kira-kira umur 90 taunan, manéhna téh dipanggil pikeun datang ka istana. Raja Bélsyasar, anu basa éta jadi raja di Babilon, ménta Daniél pikeun nerangkeun harti tulisan tangan anu ujug-ujug muncul dina témbok. Ku bantuan Yéhuwa, Daniél nyingkabkeun yén Babilon bakal ditalukkeun ku karajaan Média Pérsia. Bener wéh, peuting éta kénéh Babilon dikepung!​—Daniel 5:1, 13-31.

 Pas Média Pérsia geus ngawasaan Babilon, Daniél dilantik jadi pajabat luhur. Ka dieunakeun, Raja Darius hayang méré manéhna jabatan nu leuwih luhur deui. (Daniel 6:1-3) Jadi, pajabat-pajabat anu sirik nyieun rencana pikeun ngagebruskeun Daniél ka guha singa, tapi Yéhuwa nyalametkeun manéhna. (Daniel 6:4-23) Terus, pas Daniél geus sepuh pisan, aya saurang malaikat anu némbongan ka manéhna jeung dua kali ngayakinkeun Daniél yén ”Allah asiheun ka [manéhna]”.​—Daniel 10:11, 19.

 Tongton kisah hirup Daniél dina drama Alkitab nu judulna Daniel: Beriman Seumur Hidup.