Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Dangdan jeung Maké Perhiasan?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Dangdan jeung Maké Perhiasan?

Jawaban Alkitab

 Alkitab teu ngajelaskeun sacara rinci ngeunaan hal ieu, tapi Alkitab teu ngalarang saurang jalma dangdan, ngagunakeun kosmétik, atawa maké perhiasan. Tapi lain dangdanan lahir nu dianggap penting ku Alkitab, nu leuwih penting nyaéta sipat ”lemah lembut, eta kageulisan sajati, anu moal luntur ku umur”.​—1 Petrus 3:3, 4.

Alkitab teu ngalarang jalma dangdan

  •   Awéwé-awéwé nu satia nu dicatet dina Alkitab ogé dangdan. Rabéka, pamajikan Ishak, putra Ibrahim, maké anting irung tina emas, geulang emas, jeung perhiasan mahal séjénna paméré calon mitohana. (Kajadian 24:22, 29, 53) Kitu ogé, Éster ’dirawat enya-enya’ waktu disiapkeun pikeun jadi calon ratu Karajaan Pérsia. (Ester 2:7, 9, 12) Katingalina, manéhna didangdanan maké ”kosmétik” atawa ”didangdanan sakitu rupa.”​—New International Version; Easy-to-Read Version.

  •   Dina Alkitab, perhiasan sok digunakeun sabagé misil pikeun ngagambarkeun hal nu alus. Contona, jalma nu méré naséhat alus disaruakeun jeung ”cingcin emas” keur jalma nu ngadéngéna. (Siloka 25:12) Salian ti éta, waktu ngurus bangsa Israil, Allah nyaruakeun hal ieu siga salaki nu ngadangdanan pamajikanana ku geulang, kongkorong, jeung anting. Bangsa éta didangdanan nepi ka ”geulis kawanti-wanti”.—Yeheskel 16:11-13.

Pamikiran nu salah ngeunaan dangdan jeung maké perhiasan

 Pamikiran nu salah: Dina 1 Petrus 3:3, Alkitab ngalarang ’buuk nu dimodél jeung emas-emasan’.

 Fakta: Tina kontéksna, Alkitab keur nandeskeun yén kageulisan batin téh leuwih penting ti batan dangdanan lahir. (1 Petrus 3:3-6) Ayat-ayat séjén ogé ngajelaskeun ngeunaan bédana kageulisan batin jeung dangdanan lahir.—1 Samuel 16:7; Siloka 11:22; 31:30; 1 Timoteus 2:9, 10.

 Pamikiran nu salah: Nu ”socana disipat”, atawa dipulas ku eye shadow téh Ratu Isebél nu jahat, jadi hartina maké kosmétik téh salah.​—2 Raja 9:30.

 Fakta: Isebél ngagunakeun sihir jeung maéhan jalma. Manéhna dihukum lantaran jahat, lainna lantaran dangdan.—2 Raja 9:7, 22, 36, 37.