Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Ngabahas Alkohol jeung Budak Leutik

Ngabahas Alkohol jeung Budak Leutik

 ”Mimiti abdi ngabahas alkohol jeung budak awéwé abdi téh waktu manéhna umur genep taun. Abdi teu nyangka manéhna nyaho loba hal sual alkohol.”​—Alexander.

 Nu kudu dipikanyaho

 Ngabahas alkohol jeung budak leutik téh penting. Ulah ngadagoan nepi ka budak geus rumaja. Ceuk Khamit, ti Rusia, ”Abdi kaduhung teu ngabahas alkohol jeung budak ti manéhna leutik kénéh. Abdi kakara engeuh ieu téh penting basa apal budak abdi geus nginum-nginum ti umur 13 taun.”

 Ku naon ieu kudu diperhatikeun ku kolot?

  •   Batur sakola, iklan, jeung TV bisa mangaruhan pandangan budak kana alkohol.

  •   Numutkeun hiji lembaga di widang kaséhatan (U.S. Centers for Disease Control and Prevention), 11 persén alkohol nu dikonsumsi di Amerika Serikat téh diinum ku budak nu can cukup umur.

 Teu héran, para ahli kaséhatan nyarankeun kolot pikeun ngadidik budakna ti leuleutik kénéh ngeunaan bahayana alkohol. Kumaha carana?

 Nu bisa dilampahkeun

 Pikirkeun naon nu bakal ditanyakeun ku budak. Budak leutik biasana sok panasaran, beuki gedé beuki panasaran. Ku kituna, Sadérék kudu nyiapkeun bener-bener jawabanana. Misalna:

  •   Lamun budak Sadérék hayang nyaho kumaha rasana alkohol, Sadérék bisa ngomong yén anggur téh rasana siga jus buah nu rada haseum, ari bir mah rasana rada pait.

  •   Lamun budak Sadérék hayang ngasaan alkohol, Sadérék bisa ngomong yén alkohol téh bahaya keur awak budak leutik. Sebutkeun ogé pangaruhna: Jalma nu nginum alkohol bisa ngarasa tenang, tapi mun loba teuing manéhna bisa lieur, kalakuanana mahiwal, jeung ngomongna ngacapruk.—Siloka 23:29-35.

 Sadérék gé kudu diajar. Alkitab nyebutkeun, ”Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna [”dibarengan ku pangaweruh”, Terjemahan Dunia Baru].” (Siloka 13:16) Sadérék kudu nyaho naon pangaruhna alkohol sarta kudu nyaho hukum jeung aturan ngeunaan alkohol di nagri Sadérék. Mun kitu, Sadérék siap ngabantu budak Sadérék.

 Sadérék nu kudu ngamimitian ngabahas alkohol. Mark, saurang bapa di Inggris, nyarita, ”Budak leutik sok bingung meunang teu nginum alkohol. Abdi nanya ka budak abdi nu umurna dalapan taun, naha nginum alkohol téh bener atawa salah. Abdi ngobrolna teu sérius teuing, jadi manéhna bisa bébas nyaritakeun pandanganana.”

 Pangaruhna bakal leuwih gedé lamun Sadérék ngabahas alkohol sababaraha kali. Gumantung kana umurna, Sadérék bisa ngabahas alkohol bari ngabahas hal-hal séjénna, misalna kaamanan di jalan jeung séks.

 Sadérék kudu jadi tuladan. Budak téh siga spon nu nyerep hal-hal nu aya di sakurilingna. Numutkeun hasil panalungtikan, nu paling gedé pangaruhna ka budak téh kolotna sorangan. Ieu hartina lamun Sadérék nginum alkohol lantaran hayang ngaleungitkeun strés, budak bakal nyangka alkohol téh ubar keur ngaleungitkeun strés. Jadi, Sadérék kudu méré tuladan nu alus. Sadérék kudu bijaksana nginum alkohol.

Budak Sadérék bakal nurutan cara Sadérék nginum alkohol