Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Kumaha Lamun Budak Abdi Digencét ku Babaturanana?

Kumaha Lamun Budak Abdi Digencét ku Babaturanana?

 Budak Sadérék ngomong yén manéhna digencét di sakolana. Naon nu bisa Sadérék lakukeun? Ménta supaya sakola ngahukum nu ngagencétna? Ngajar budak Sadérék cara ngabalesna? Saacan mutuskeun, Sadérék kudu apal heula siga kumaha digencét (atawa di-bully) téh.

 Naon nu kudu urang nyaho ngeunaan ngagencét?

 Ngagencét téh naon? Ngagencét téh tindakan nu teterusan jeung dihaja pikeun nyiksa boh fisik boh émosi jalma nu digencétna. Tapi teu kabéh hinaan atawa tindakan nu ngaganggu téh kaasup ngagencét.

 Ku naon urang kudu nyaho ngeunaan hal ieu? Sababaraha jalma mikir kabéh laku lampah nu pikeuheuleun téh dianggap ”ngagencét”, sanajan éta ngan sapira. Lamun Sadérék ngagedé-gedékeun masalah nu leutik, sacara teu langsung Sadérék ngajar budak yén manéhna teu mampuh pikeun ngaréngsékeun masalahna. Padahal, kamampuh éta téh dibutuhkeun ku manéhna pas geus déwasa.

 Prinsip Alkitab: ”Kudu bisa ngadalian amarah.”—Pandita 7:9.

 Palajaran penting: Mémang dina sababaraha kaayaan, Sadérék kudu nyieun tindakan langsung. Tapi, aya ogé kaayaan nu bisa ngalatih budak Sadérék jadi leuwih kuat méntalna sarta ngalatih cara ngaréngsékeun masalahna.—Kolosa 3:13.

 Tapi kumaha lamun budak Sadérék nyarita yén babaturanana ngahaja jeung teterusan ngaganggu manéhna?

 Kumaha urang bisa nulungan manéhna?

  •   Déngékeun enya-enya budak Sadérék. Pék perhatikeun (1) kumaha kaayaanana jeung (2) ku naon manéhna diarah. Ulah nyieun kasimpulan saacan Sadérék apal kabéh faktana. Pék pikirkeun, ’Naha Sadérék geus nyaho kabéh caritana?’ Pikeun nyaho kabéh faktana, Sadérék bisa jadi perlu nanya ka guru atawa kolot ti budak séjén.

     Prinsip Alkitab: ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.”—Siloka 18:13.

  •   Lamun budak Sadérék digencét, béré nyaho yén cara manéhna ngajawab téh bisa nyieun kaayaan jadi leuwih alus atawa leuwih goréng. Contona, Alkitab nyebutkeun, ”Jawaban sareh nyirnakeun amarah. Jawaban nyogok ngahudang napsu.” (Siloka 15:1) Malah, ngabales téh bisa nyieun kaayaan jadi leuwih goréng, nu ngagencétna ogé bisa jadi leuwih teungteuingeun.

     Prinsip Alkitab: ”Jahat ulah dibales ku jahat, ambek ulah dibales ku ambek.”—1 Petrus 3:9.

  •   Jelaskeun ka budak Sadérék lamun nahan diri pikeun teu ngabales téh teu nyieun manéhna jadi jalma nu kecingan. Justru manéhna téh jalma nu kuat, lantaran embung dikadalikeun ku batur. Jadi, manéhna teu perlu jadi jalma nu ngagencét pikeun ngéléhkeun nu ngagencét.

     Ieu penting pisan pikeun diinget ku budak Sadérék lamun manéhna keur di-bully di Internét. Adu omong di Internét téh ngan nyababkeun budak Sadérék diarah jeung digencét ku tukang bully. Jadi, sakapeung jawaban nu pangalusna téh teu kudu ngaladénan. Lamun teu diladénan, nu ngagencét bakal ningali carana téh teu mempan jeung biasana manéhna bakal eureun.

     Prinsip Alkitab: ”Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum.”—Siloka 26:20.

  •   Dina sababaraha kaayaan, leuwih alus mun budak Sadérék nyingkahan jalma-jalma jeung tempat-tempat nu bisa nyieun manéhna digencét. Contona, lamun manéhna apal tempat nongkrong jalma-jalma nu sok ngagencét, manéhna bisa nyingkahan masalah ku cara liwat jalan séjén.

     Prinsip Alkitab: ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.”—Siloka 22:3.

Sadérék bisa jadi perlu nanya ka guru atawa kolot ti budak séjén

 COBAAN HAL IEU: Bantu budak Sadérék nyaho kana untung rugina tina piliheun-piliheun ieu. Contona:

  •  Kumaha lamun manéhna teu ngaladénan si tukang gencét?

  •  Kumaha lamun manéhna langsung ngomong ka si tukang gencét supaya eureun?

  •  Kumaha lamun manéhna ngalaporkeun si tukang gencét ka sakola?

  •  Naha manéhna bisa ngéléhkeun tukang gencét ku cara dibageuran atawa diajak heureuy?

 Teu sual digencét langsung atawa di Internét, kaayaanana téh béda-béda. Jadi, bantu budak Sadérék manggihan cara nu cocog pikeun nyanghareupanana. Yakinkeun manéhna yén Sadérék pasti bakal nulungan manéhna.

 Prinsip Alkitab: ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?”—Siloka 17:17.