Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | KOLOT

Ku Naon Barudak Perlu Maca—Bagian 1: Maca atawa Nongton?

Ku Naon Barudak Perlu Maca—Bagian 1: Maca atawa Nongton?

 Mun keur nyalsé, barudak anjeun leuwih resep ngalakukeun naon, nongton atawa maca? Maranéhna leuwih resep maca buku atawa nyoo alat éléktronik saperti HP jeung tablet?

 Salila puluhan taun, jalma-jalma jadi jarang maca buku sabab leuwih resep nongton TV atawa maén Internét. Dina buku Endangered Minds taun 1990, Jane Healy nulis, ”Lila-lila, jalma-jalma bisa waé eureun maca.”

 Harita mah éta téh asa teu mungkin kajadian. Tapi ayeuna, ceuk guru-guru di nagri nu téknologina geus maju, dibandingkeun jeung jaman baheula mah, barudak ayeuna téh teu pati pinter maca.

Dina artikel ieu

 Ku naon barudak perlu maca?

  •   Maca bisa ngamekarkeun imajinasi barudak. Waktu maca hiji carita, biasana urang kudu ngabayangkeun kumaha sora nu boga lakon, kumaha rupana, jeung kumaha kaayaan di sakuriling manéhna. Nu nulis mémang geus méré sababaraha informasi ngeunaan hal-hal éta, tapi nu maca tetep kudu ngabayangkeunana sorangan.

     Ceuk saurang indung nu ngaranna Laura, ”Mun nongton, urang téh ningali imajinasi batur. Mémang éta pikaresepeun. Tapi, lamun urang maca sorangan, tulisan batur téh jadi ”hirup” liwat imajinasi urang sorangan.”

  •   Maca téh ngabentuk sipat-sipat alus barudak. Waktu barudak maca, maranéhna téh diajar kumaha carana ngaréngsékeun hiji masalah. Terus manéhna téh kudu konséntrasi. Jadi, manéhna bakal boga sipat-sipat alus saperti sabar, bisa nahan diri, jeung rasrasan.

     Naon hubunganana maca jeung rasrasan? Sababaraha ahli ngomong, lamun barudak maca hiji carita lalaunan, maranéhna jadi bisa ngarti kumaha parasaan jalma dina carita éta. Ku kituna, dina kahirupan sapopoé téh maranéhna gé jadi bisa leuwih rasrasan ka jalma-jalma nu dikenal ku maranéhna.

  •   Mun maca, barudak jadi bisa mikir. Mun macana lalaunan, barudak bisa ngarti naon nu rék ditepikeun ku jalma nu nulis bukuna. Mémang, sakapeung macana kudu diulang supaya bisa ngarti, tapi éta téh teu masalah. Mun macana lalaunan, maranéhna gé jadi leuwih gampang inget kana hal-hal nu dibaca jeung bakal meunang mangpaat.​—1 Timotius 4:15.

     Saurang bapa nu ngaranna Joseph ngomong kieu, ”Waktu urang maca, urang téh mikirkeun maksud tina hiji kalimah, mikirkeun naon hubunganana jeung hal-hal nu geus dipikanyaho ku urang, sarta mikirkeun naon palajaranana. Nah, mun urang lalajo film atawa vidéo mah urang téh teu pati mikirkeun hal-hal éta.”

 Palajaran penting: Lalajo film jeung vidéo téh mémang aya mangpaatna, tapi mun maca, barudak bisa meunang leuwih loba mangpaat.

 Kumaha carana supaya barudak resep maca?

  •   Biasakeun ti leutik. Chloe, nu boga dua budak lalaki, ngomong, ”Urang osok macakeun carita keur barudak ti saprak maranéhna di jero kandungan kénéh. Sanggeus maranéhna lahir, abdi jeung salaki gé masih terus macakeun carita keur maranéhna. Hasilna, ayeuna barudak urang jadi resep maca.”

     Prinsip Alkitab: ”Ti leuleutik kénéh, manéh geus diajarkeun Kitab Suci.”​—2 Timotius 3:15.

  •   Sadiakeun loba buku di imah. Lamun di imah aya loba buku, barudak téh bakal leuwih resep maca. Tamara, nu boga opat budak, ngomong, ”Siapkeun buku-buku nu kira-kira dipikaresep ku barudak, terus teundeun di gigireun kasurna.”

     Prinsip Alkitab: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.”​—Siloka 22:6.

  •   Batesan waktu pikeun muka Internét. Saurang bapa nu ngaranna Daniel méré saran supaya kulawarga-kulawarga nyadiakeun waktu husus pikeun maca. Manéhna ngomong, ”Sahenteuna saminggu sakali, urang nyadiakeun waktu husus pikeun maca, biasana mah peuting-peuting. Dina peuting éta, teu meunang aya nu ngomé HP atawa lalajo TV. Urang sok maca buku babarengan atawa sorangan-sorangan.”

     Prinsip Alkitab: ”Mastikeun hal-hal nu leuwih penting.”​—Filipi 1:10.

  •   Béré tuladan. Karina, nu boga dua anak awéwé, ngomong, ”Mun keur macakeun carita keur barudak, macana téh kudu maké parasaan jeung sumanget ngarah caritana jadi ”hirup”. Mun urang resep maca, barudak gé bakal resep maca.”

     Prinsip Alkitab: ”Manéh kudu terus nyieun upaya dina maca di hareupeun umum.”​—1 Timotius 4:13.

 Teu kabéh budak resep maca. Tapi mun disumangetan, barudak bisa resep maca. David, nu boga dua budak awéwé, ngalakukeun hiji cara supaya barudakna resep maca. Ceuk manéhna, ”Abdi maca naon nu dibaca ku barudak, jadi abdi nyaho naon nu dipikaresep ku maranéhna, sarta mun ngobrol téh jadi nyambung. Urang saolah-olah boga kelompok maca. Meni resep téh!”